Sacara etimolohi (dina basa Arab mah ceuk lughot alias asal usul basa) asal kecap ngabuburit teh burit we, kade pahili jeung beurit, bisi jadi ngabeubeurit alias neplak kalakuan beurit.
Burit teh hartina sore atawa sareupna, tuluy weh make rarangken ‘nga’ diembohan engang kecap ‘bu’.
Samodel kecap guntur jadi ngaguguntur, beurang jadi ngabeubeurang, rusuh jadi ngarurusuh jsb-jsb.
Ari sacara semantikna kurang leuwih ngandung harti ‘upaya sangkan tereh burit atawa sangkan teu karasa nungguan waktu sareupna’. Sarupa oge jeung kecap ngamumurah tina kecap tunggal ‘murah’ nu hartina upaya geusan bisa jadi murah.
Aya deui model kecap ngalilindeuk asalna ‘lindeuk’.
Keur golongan barudak jembrog mah tradisi ngabuburit teh beda deui, biasana sok ku kagiatan anu sifatna mangfaat jeung bisa ngahasilkeun duit.
Patani contona, liar ngabuburitna teh moal ka terminal atawa ka Cimamut tapi ka huma ka sawah atawa ka kebon balik balik engke geus nyedek ka adzan Magrib, mangsa buka puasa.
Saterusna tukang dagang, tangtu ngabuburitna teh ku ngalapak daganganana utamana mah kadaharan keur ta’jil malahan apanan bulan puasa teh remen ngahasilkeun para padagang dadakan.