Teu saeutik deuih, ngabuburit teh ku cara ngaramekrun tajug atawa masigit; ngaderes Quran rame-rame utamana mah kaom ema ti Asar tepi ka sareupna saterusna bukber jeung bukbek alias buka puasa berjamaah jeung buka bareng patingcelebek.
Di lian pihak mah deuih, ngabuburit teh bisa wae ku patingarancleung ka tempat piknik, tadarus, ngadengekeun ceramahan bari nundutan, ngobrot ta’jil haratis, ngaderes buku bacaan tepi ka ngabaheuhay bareng-bareng ‘menikmati’ lapar babarengan boh jeung baraya boh jeung deungeun-deungeun.
Balik deui kana asal-usul ngabuburit anu bisa wae kiwari kurang dipikawanoh.
Ceuk tadi oge kecap legendaris asal tina biwir urang Sunda anu ayeuna popiler oge sanusantara.
Ketua Lembaga Budaya Sunda Unpas Hawe Setiawan nandeskeun kieu cenah asal kecap ngabuburit teh ngandung harti pasosore.
Dirarangkenan awalan nga jeung selapan repitisi bu tina kecap burit jadi weh ngabuburit. Kade beda pisan jeung ngabubur atawa ngaburu-buru beurit.
Kitu ceuk Hawe daria.