Saterusna nandeskeun deui yen kecap ngabuburit teh kecap pagawean sakeur ngeusi beurang sakaligus ngabageakeun adzan Magrib.
Dina konteks Romadon mah hartina kagiatan mangfaat keur ngeusi waktu sakalian mapag adzan Magrih tandaning buka puasa.
Ceuk Hawe deuih, ngabuburit teh wangun kaahengan basa Sunda ku lantaran kecap waktu disulap jadi kecap pagawean pira diwewelan awalan “nga”.
Mun dina grammer basa Arab mah nu karieu teh disebutna elmu tashrif; tina kecap tuduh waktu (ismu zaman) jadi kecap pagawean alias fi’il madhi atawa fi’il mudhore’, atawa sabalikna tina kecap pagawean jadi kecap barang, samodel tina ngabuburit jadi pangbuburitan, nu kieu mah robahan tina fi’il (kecap gawe) kana masdar taokid (kecap ngaran) wallohualam bishowab.***