Ngabuburit

Ilustrasi. Foto: a kusmawan

NYAWANG mangsa keur budak bareto, asa beurat pisan teu burung loba sukana, loba lalakon anu ngageleng pikanineungeun. Karek ge haneut poyan, geus ret deui ret deui kana jam. Sabaraha jam deui ka buka teh?

Biasana sakeur mapalerkeun pikiran tina suasana rohang dapur jeung perasaan hanaang lapar teh nya ku ngalobakeun aktivitas reujeung sasama batur ulin, kasebutna ngabuburit.

“Urang ngabuburit yu!” atawa ayeuna urang ngabuburit ka mana?” dua kalimah anu layeut dina guneman sapopoe mangsa puasa.

Baca Juga:  Hadits yang Menegaskan Pemimpin Derah yang Adil

Wangun ngabuburit ilaharna liar ka hiji tempat anu lumayan anggang ti imah, leumpang abring-abringan.

Bisa oge ku raramean kaulinan tradisional samodel galah, sondah, keser, gatrik, kobak karet geulang, der der alider, parempet jengkol, hahawuan, rabutan boled, beberesan, damdaman, mamaungan, congklak atawa alakadar nongkrong dina garduh pos ronda atawa handapeun iuh-iuh tatangkalan bari heureuy saolabna.

Ngabuburit teh aktifitas bulan puasa ti mangsa mentrang beurang tepi ka sareupna. Da ari ti isuk-isukna mah kasebutna ngabeubeurang. Oge tradisi masarakat Sunda anu kiwari geus nganasional. Pedah we nilik kecapna nyunda “bingit” alias nyunda pisan. Bisa wae di daerah sejen oge aya, ngan istilah kecapna beda alias pada boga ngaran sewang-sewangan.

Baca Juga:  Kujang Identik Budaya Sunda