Pidawuh Allah swt dina surat Al-An’am ayat ka 46, kieu unina : Pok ucapkeun yeuh Nabi! Balakakeun ka kula saupama Allah molonyonkeun pangreungeu, pangdeuleu oge meungpeuk hate andika; saha wae lian ti Allah anu kawasa mulangkeunana ka andika?
Prak titenan masing telik!
Kumaha Kami remen nembongkeun pertanda kakawasaan Kami, keur saterusna maranehna angger malengos (ti Mantenna). Dina surat Almulk oge jentre;….Naha andika geus ngarasa aman tina monitor Allah di luhur(langit) yen Mantenna ngajungkir balikkeun ampar bumi reujeung arandika, tug tepi ka ujug-ujug buleudan bumi teh eundeur ngarieg?
Atawa naha arandika geus ngarasa tingtrim tina pencrongan Allah anu ngamahadiraja di langit yen Mantenna bahan ngeputkeun badey babatuan rongkah. Mangke arandika baris nyaho kumaha balukar ngabohongkeun pepeling Kami?
Ku kituna, wargi sdulur sadaya. Masing inggis ku campegona monitor Allah swt. Masing waspada turta ariatna kana nyikepan ancaman bebendon-Na. Masing suhud turta junun biuk implut kana pituduh nabi arandika ku lantaran nya inyana pisan, mahluk agung pangagung-agungna anu jadi juru tuduh oge pameupeujeuh anu pangdipercayana.
Masing engeuh!
Yen sajatina kahirupan dunya teh ukur kaulinan turta mohokeun, hiasan turta pamer kamegahan di antara arandika sarta paagul-agul dunya barana katut ka turunan, samodel hujan anu tutuwuhanana ngareueuskeun para patani tuluy tutuwuhan kasabit gararing, ku andika katenjo koneng layu tuluy weh ajur. Jeung di akherat engke aya adzab anu rohaka katut ka nyampak pangampunan ti Allah sarta ridho-Na jeung kahirupan dunya ieu teh taya kajaba ukur kasenangan pupulasan (tipuan).




