Khutbah Jum’ah Edisi Basa Sunda, Kawajiban Syukur Ni’mat

SUMANGGA urang ngaronjatkeun taqwa ka Allah. Kalawan waspada tina gudir tur galideurna volume taqwa boh dina kaayaan simpe boh dina kaayaan rame.

Dawuh Mantenna swt: wamaa khalaqtul jinna wal-insa illa liya’buduuni, teu pati-pati Kami nyiptakein jin jeung manusa kajaba geusan maranehna sumembah ka Kami.(Adz-Dzaariyat: 56)

Mantenna ngurutugkeun ni’mat tan ka wiwilangan baring supagi wanoh ka Mantenna sarta saterusna ulun sujud syukur kumawula. Hal ieu dumasar ayat ka 34, surat Ibrahim: … Mun mah arandika ngitung-ngitung ni’mat Allah tanwande hamo mampuh kaitung. Satemenna manusa teh kacida zhalimna tur ingkar ni’mat.

Baca Juga:  Kesempurnaan Muslim Lewat Komuniksi dengan Allah dan Sesama

Mantenna swt ngaanugerahkeun ni’mat akal, pangreungeu tur paningal, oge ni’mat faham sarta ngahontalna baragem harepan. Dawuh-Na tandes dina QS. Annahl : 78; Jeung Allah ngaluarkeun arandika tina rahim indung arandika dina kaayaan teu nyaho di nanaon. Jeung Mantenna maparina pangreungeu, panenjo jeung ati, supaya arandika syalukur.

Kaom Dangu Oge Kaom Baca Anu Mulya.
Ku anugerah mumplit pamaparinan Mantenna, sing saha wae bisa ngabedakeun, mana pibahayaeun mana pimaslahateun.

Mana mangfaat tur mana madharat. Iceus tur awas kana cukang lantaran keur ngahontal kabungah turta ngarangkul kasuksesan ngaraja dunya, makihi rizqi.

Baca Juga:  Wapres: Peran Santri Diakui Negara

Allah swt ngawanti-wanti geusan langgeng inget ka Mantenna; fadzkuruni adzkurkum wasykuru li falaa takguruni, ku lantaran kitu sing inget andika ka Kami, tanwande Kami oge baris inget ka Andika. Jeung prung syukur ka Kami, mangkahade arandika tong sok ingkar kana ni’mat Kami.