Bag-bagan Ngarucu

Nu ngarucu nagara mah geus lain bolon deui, lain mahasiswa deui, komo berenjit SMP jeung SD mah tapi sidik nu palinter nu gede rahul gedebul, nu ajianana, ajian asa, asa pangbenerna, asa aing pangaingna.

Kabeh boga rasa bisa newak langlayangan anu kokoleaban kapakan.

Patingbelesur muru, patinggorowok moro teu nolih ka dulur ka sobat, jeueungan teh maser di nu ngaranna langlayangan.

Mobil motor wayahna kudu ngerem lamun kaciri anu ngarucu patingselebreng ka jalan raya.

Susukan, sawah, toblong digabres digaley sangkan leuwih gancang nyamberna.

Baca Juga:  Tiga Waktu Mustajab di Bulan Ramadan

Pager imah deuk baruntas deuk widara dirarumpak tepi ka reuntas malah rugrug.

Kajeun teuing deuleu!***