Di parapatan Cigereleng, parapatan Buah Batu jeung di nu lianna, patinghaleuang barudak tukang ngamen: “penguasa penguasa beri hama uang, penguasa penguasa jangan beri kami layangan”.
Taun 1978 harita teh, di lelewek Soreang Banjaran, asana mah soal ngarucu langlayangan teh asa pangjagona.
Jauh teu burung diburu, anggang teu burung diudag, ongkoh rame-rame deuih ngudagna oge.
Da eta lamun aya nu nanya, keur naon ngungudag langlayangan pegat? Geus pasti moal aya anu bisa nembalan.
Naha enya kitu maranehna teh hayang langlayangan? Kantenan Ema mah sok ngagumujengkeun, keur naon saurna ngudag-ngudag langlayangan kapakan, da geuning geus beunang oge ngadon diwewejet?
Da jeung saenyana kitu pisan.
Ngarucu mah kitu, ana beunang langlayanganana, der weh dirarajet malah teu saeutik barudak lalaki mah ngadon der weh garalungan.
Prinsipna mah nya eta kitu, jeung tibatan direbut ku batur mending wewejet ku sorangan.