Bag-bagan Ngarucu

Beres ngararajet langlayangan, sugema ringsek rarancangna, terus weh patinglaleos bari taratanggahan sugan aya deui langlayangan anu eleh diadu.

Jaba nahnay jeung hanaang bati lulumpatan sataker tanaga sedeng jadwal ngebul hawu teh engke bada Asar.

Nagara urang ayeuna moal beda ti langlayangan anu rampung pegat katiup angin.

Aya nu ngarepkeun sangkan langlayangan buru-buru murag, aya oge anu hayangeun kajeun sina mumbul bae beuki apung-apungan, beuki luhur beuki jauh.

Malah apanan sok bari diparancahan geuning: “pamumbul-mumbul kapas, pamumbul-mumbul kapas.

Tapi ceuk anu hayang buru-buru tereh turun mah lain deui: “pabeurat-beurat beusi, pabeurat-beurat beusi, kituh.

Nyao di mana muragna mah, boa di alas peuntas atawa di alas bandawasa.