Tegalluar Bojongsoang Prihatin

Ilustrasi. (Foto: majalahsora.com)

DI luar itungan kabiasaan ti bareto, mun sup mangsa puasa alias bulan Romadon geus bisa dipastikeun tuhur atawa beak usum ngijih ngamimitian usum halodo.

Tapi kanyataan ayeuna anu keur kaalaman ku kalolobaan masarakat Bojongsoang jeung sabudeureunana mah (taun 1443 Hijriyah ayeuna) kudu wayahna prihatin tur balangsak, ku lantaran ti munggah keneh kudu paruasa dina kaayaan caah gede alias banjir nahun.

Tangtu lain wungkul di Bojongsoang, sabab banjir bulan puasa ayeuna teh ampir cul-cel di saban pongpok nagri alias nganasional.

Husus we ieu mah di lelewek Desa Tegalluar Kacamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung nu ampir 75 peresen kalem alias karendeng cai pamudalan Citarum, Cikeruh jeung Citarik.

Loba teori anu jadi cukang lantaran maneuhna banjir teh.

Memang lain perkara anyar deuih da cenah ti beh ditu ge kekecapan banjir Tegalluar teh dalit pisan.

Mun tea mah aya anu mampuh nyieun ceta keur ngaantisipasina bari sukses, piraku teu pada nyebut dewa atuh.

Baca Juga:  Pemkab Bandung Kurang Gerecep Antisipasi Penutupan TPAS Sarimukti

Kacatet eta oge mangsa tuhur 10 taun ti taun 2000 tepi ka taun 2010, alpukah jasana kepala desa preode Dadang Supriatna.

Ngan bae ti 2011 ka dieu mah, suasana jibrug teh mulang ka asal, Sapan Tegalluar dalit deui jeung nu ngaranna caah gede alias banjir tea.

Hal anu pangkahartina tina kaiadian banjirna mah nyatana apanan amparan lengkob Tegalluar teh sedongan cai muhara walungan Citarik-Cikeruh.

Sejen ti eta teh deuih tatanan jeung pola kahirupan masarakatna anu geus aing-aingan, nyaeur imah paluhur-luhur, sedeng jajalaneun cai mah pada ngantep. Teu cukup kitu, Tegalluar kiwari kagencet ku dua proyek perumahan raksaksa; ti tungtung kulonna Summarecon sedeng di ujung wetanna Agung Podomoro anu saeuran kebekanana minimal tilu meter.

Bisa dibayangkeun mun liarna cai pudalan muhara anak Citarum teh katambak wawangunan dua komplek kasabit, nya tangtu mulekna cai teh pupuihan ngalabrak palemburan warga.

Baca Juga:  Gatot Nugraha : SDGs Jadi Instrumen Utama Capai Visi Bedas Desa

Acan deuih tobrosan kanal banjir Rancaekek anu disedekkeun ka Tegalluar, Saleuheung mun pamaliharaan walunganana maksimal, boh matuhna eskapator ‘pengerukan’ boh nanggul sapaparat bantaranana, tinangtu paling copel bisa ngaminimalisir lajuna cai banjir.

Puasa taun ieu karasa ku sakumna warga, prihatin jeung balangsak.

Nu digarawe di pabrik, kudu cing arasuy indit balikna, nu kuli dina bangunan remen bedo, nu sarakola kasebut mindeng pisan perena, da rohang sakolana oge jadi situ.

Buka jeung tajil estuning saaya-aya atuh mangsa taraweh teu kurang-kurang kudu dobel salin da muru masjid anu teu kakeueum teh cukup jauh ngasuyna.

Acan deuih panyakit ateul balukar cai banjir anu lecek baur jeung kuman sarah pabrik jeung limbah cubluk katut ka limbah kokotor ingon-ingon.

Masarakat Tegalluar umumna geus kebel tapi lain harti euweuh kahayang. Sarerea get-getan hayang bisa memener bantaran muhara nyarapat ka hilirna Cikeruh; dikeruk elod jeung runtah sacara maksimal bari matuh naha sataun dua atawa tilu kali mah lain ngan saukur kabiasaan nu enggeus enggeus ukur dikucek model kana bajigur. Keur satuluyna nambak permanen bantaran kenca katuhueunana.

Baca Juga:  Demo GMBI Ricuh, Massa bawa Sajam dan Batu

Apanan income operasional desa teh sakitu ngajelegurna, cenah 1,6 miliar, piraku ku waragad sakitu teu kabedag kuriak gili-gili walungan jeung ngadatangkeun salosin eskavator mah, kitu tah sora-sora hate masarakat muhara anak Citarum teh.(emha ubaidillah)***