Khutbah Jum’ah Edisi Basa Sunda, Kawajiban Syukur Ni’mat

Syukur ni’mat teh praktekkeun ku lisan, ku jiwa turta ku sajumlahing anggahota badan.

Siap sadia ngokolakeunana boh leuwihna boh kurangna oge dina mangsa leungiteunana. Ku lantaran ingkar ni’mat teh bagian tina posisi manusa anu terang-terangan nangtang azab rohaka, deuk keur di dunya keneh sok komo jagana di alam kalanggengan.

Nyakitu wajib ngakhususkeun syukur ni’mat dina hiji bundelan anugerah nu ngaranna syukur ni’mat Iman Islam ; ni’mat wijaksanana syareat Islam, ni’mat sehat wal’afiyat, ni’mat katingtriman turta ni’mat hirup hurip di nagri anu diaping dijaring tina manglapis-lapis karaman tur balahi balabancana.

Baca Juga:  SEMOGA PILKADA KAB BANDUNG JAUH DARI MONEY POLITIC ALA MATARAM (catatan ringan oleh : Daeng MS)

Kaom Dangu Anu Kapihormat.
Syukur oge kudu dibarengan ku akuan ati sanubari anu muklis ikhlas kalawan hariwang bisi teu keuna jeung anu sakumaha dikudukeun ku syareat. Bisi ngokolakeunana kalah ngagubrag kana kama’siatan jeung kadorakaan rereged kahirupan.

Dina Surat Adh-Dhuha, Allah swt ngandika kieu; ….Anapon sikep ka anak yatim mangkahade tong sok sawenang-wenang.

Jeung nyikepan ka anu sok jajaluk, mangkahade tong sok sesentak. Jeung sikep andika kana ni’mat Pangeran Andika, poma kudu loba nyebut-nyebut.

Anu dipikamelang jaman kiwari nyaeta teu saeutik anu nukang nonggong ka Mantenna sabada dianugerah lubak libuk harta banda. Kalah hayoh dipateahkeun dina dunya kama’siatan jeung kadorakaan anu pasambung-sambung ti generasi ka generasi bari dimodalan ku sombong turta adigung adiguna yen ceuk inyana teu aya campur tangan Allah swt estuning beunang hese cape maranehna.

Baca Juga:  SEJARAH, KOTA CIMAHI DAN PEMILIK EIGENDOM VERONDING TERBANYAK